Lirikanmu

Detty Kurnia-Darso

Lirik Nao Lepatna

Lirik Nao Lepatna

naon lepatna, naon dosana

mun diri katarik geter simpati
kabandang kamelang

naon lepatna, naon dosana

mun rasa rumasa nyimpaykeun tresna
mikaasih ka dirina

kapan cinta kedah anteb jeng asihna

kapan asih kedah tingtrim sumandingna


sedeng rasa rumasa manteng teuteupna
demi kasatiaan
janten pageuh pamadegan

naon lepatna naon dosana
nepikeun tungkusan kalbu mustika asmara

naon lepatna naon dosana
da niat rek saenyana, mikaasih ka dirina

***

kapan cinta kedah anteb jeng asihna

kapan asih kedah tingtrim sumandingna

sedeng rasa rumasa manteng teuteupna
demi kasatiaan
janten pageuh pamadegan

naon lepatna naon dosana
nepikeun tungkusan kalbu mustika asmara

naon lepatna naon dosana
da niat rek saenyana, mikaasih ka dirina

naon lepatna naon dosana