Lirik Lagu Sunda Dua Rasa - Rafly Sunandar
Ibarat dahan nu potong
Hese keur nyambungna deui
Anjeun nu ngaraheutan hate
Ninggalkeun tapak kapeurih
Tapak kapeurih
Geuning anjeun datang deui
Mawa asih nu tos bari
Anjeun ngucap sarebu hampura
Bari murunggut cisoca
Kuring teu bisa nyarita
Da kapeurih masih karasa nurih
Oge kacinta kasalira masih aya
Kuring kasiksa ku dua rasa nu beda
Kudu kumaha kudu kumaha
Disambung deui dapuguh nyeuri
Dileupas peugat dapuguh beurat
Duhhhhhh... Kuring kasiksa
Itu kumaha ieu kumaha
Lalakon cinta nu karandapan
Naha beut rudeut kana pikiran
Duhhhhhh... Kuring kasiksa
Kudu kumaha kudu kumaha