Lirik Lagu Sunda Daun Hiris - Azmy Z
Teteup deudeuh..
Moal burung dipisono
Hate kuring..
Moal beunang di bobodo
Daun hiris
Saksina nu ngemplok hejo
Duh panutan..
Diantosan tibareto
Daun hiris...
Kembangna umyang karoneng
Kaendahan..
Ayana disisi empang
Panutan imut..
Basa kuring anteng nyawang
Duh... waktu mitineung..
Hate.. jadi honcewang
Ngabibita...
Daun hiris sisi gawir
Aduh ampun..
Takdir teu beunang dipungkir
Beurang peuting..
Abdi teu weleh ihtiar
Geuningan sulaya...
Panutan tambelar
Buktina....
Ngaraheutkeun sapanjangna
Pupuasan..
Naon pilandongeunana
Berang peuting..
Badanteh asa tunggara
Aduh ampun..
Seueur pisan gogodana